Sabtu, 30 Juni 2012

naskas drama bahasa sunda 3 orang


Bapak Sanes Bang Toyib

Tiara : ambu... ambu..
Ambu : aya naon geulis?
Tiara : tadi abi nuju mopoekeun aya tatanggi naroskeun leures bapak sareng bapak-bapak warga ka jakarta??
Tisya : ka jakarta?? Iraha? Ambu terang? naha abi teu terang??
Ambu : tos ti subuh angkatna bapak, ditugaskeun ku pak lurah, ka jakarta dadakan.
Tisya : ambu terang ti mana? Da sa emut abi bapak taacan mulih da dugi abi mondok oge.
Ambu : ambu nyusul bapak, ka bumi pak luran sonten teh.
Tiara : jadi suanten panto nu ngajekrek teh eta ambu nya??
Ambu : nya da pantona hese dibuka, kunaon kitu??
Tisya : eta ambu sonten teh aya nu pindah ka kamar abi ceunah aya jurig nu ngabuka panto.
Ambu : si borokokok indung sorangan disangka jurik, matakna ara ari sare maca do’a heula atuh.
Tiara : muhun.. bapak meuni tega pisan teu pamitan ka budakna.
Ambu : kumaha bapak dek pamitan da hararese di hudangkeunana jadi weh di elem ku bapak. Hhahahahaha
Tisya : astagfirullah pantesan pipi abi bau goding ih geuleuh pisan si bapak mah teganya teganya teganya
Tiara : bapak elem si teteh hungkul pan ambu??
Ambu : duanana.. hihihihi
Tisya : ihh, ambu teras bapak wangsulna iraha atuh?
Ambu : duka daceunah moal lami.
Tiara : teras kumaha lamun abi hoyong pependak jeung bapak ??
Ambu : mereun engke bapak nyieun surat,, dha moal leuwih tie dua minggu ceuk bapak mah.
Tisya : mugi-mugi engke teh bapak, wangsul nyandak oleh-oleh keur abi..
Tiara : ikgzz abi oge atuh..
Ambu : kie ayenamah mending urang sarerea ngado’akeun bapa sing sehat jeung salamet.
Tisya & tiara : aaammmiiiinnnn.
Tiara : mugi-mugi bapak tong jadi bang toyib nya ambu..
Ambu : ih sok kamana wae ngomong teh, bapak lain bang toyib
Tisya : muhun si ade mah kamana wae ngmongna, da bang toyib mah 3kali puasa tiga kali lebaran teu uih ari bapak mah ngan 2 minggu teu uihna.

1 komentar: